- Anak lalaki anu nunggal disebut untang-anting
- Anak awewe anu nunggal disebut unting-unting
- Budak nu dijurukeun teu aya balian disebut lamunting
- Opat anak awewe nu teu bogaeun dulur lalaki disebut sarimpi
- Opat anak lalaki nu teu bogaeun dulut awewe disebut saramba
- Lima anak lalaki nu teu bogaeun dulur awewe disebut pandawa
- Lima anak awewe nu teu bogaeun dulur lalaki disebut pandawi
- Lima anak, opat lalaki hiji awewe disebut pandawa kaselapan
- Lima anak, hiji lalaki jeung opat awewe disebut pandawa ipil-ipil
- Anak dua lalaki kabeh disebut uger-uger
- Anak dua awewe kabeh disebut kembang sapasang
- Anak dua awewe lalaki, nu lalaki lanceukna disebut gandana-gandini
- Anak dua awewe lalaki, nu awewe lanceukna disebut gandini-gandana
- Anak tilu, panengah lalaki disebut kulah ngahapit pancuram
- Anak tilu, panengah awewe disebut pancuran ngahapit kulah
- Anak nunggal ditinggalkeun maot ku dulur-dulurna disebut tunggul pinang, tunggilis
- Anak tilu, anu panengah ditinggalkeun maot ku adi-lanceukna disebut nanggung bugang
Minggu, 07 Februari 2010
NAON NGARANNA ?
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar