Minggu, 07 Februari 2010

HUKUM DI NAGARA TENGAH

Mas Anggataruna teh salah sahiji ”pejabat” di Kadaleman (Kabupaten) Nagara Tengah. Kalungguhanana (jabatanana) nya eta Jurusimpen ( mun ayeuna mah meureun Bendahara, kitu?)

Ieu ”pejabat” Kabupaten teh dedeganana gemeyek, rumbahna geus bodas, raksukanana encit madras beureum, potonganana takwa, nyalindangkeun carecet beureum digantelan : catut (paranti nyabutan bulu kelek, jsb.), korek kuping, jeung sajaba ti eta. (Moal kitu bari nyonyoren paranti ngagaro tonggong?).

”Skandal” di kalangan pamarentahan teh lain ayeuna bae. Kacaritakeun, iau Jurusimpen kalibet kana perkara kajahatan. Teu kapalang, kasalahanana teh mani tilu rupa :

Saperkara, manehna geus nyieun pitenah ka Mantri Jero sarta upama eta pitenah teu kaburu kahalangan, nu dipitenahkeunana bisa nemahan pati,

Kadua perkara, manehna geus nitah, kalawan mere upah ka dua gulang-gulang, supaya Mantri Jero disebut patina,

Katilu perkara, Mas Anggataruna teh geus wani gasab kana kagungan Pangawulaan

Perkara anu kahiji jeung kadua patali jeung pitenah ka Mantri Jero, pajarkeun Mantri Jero geus wani ngagadabah selir, nya eta garwa parekan nu pangdipikaasihna, Nyimas Ratnawulan, sabot Pangawulaan angkat ka Mataram nedunan pancen sataun sakali kudu ngadeuheus ka Mataram nyembahkeun upeti. Laporan palsu Mas Anggataruna teh kieu cenah : Dampal Dalem kantenan moal nyanten sacongo rambut, abdi Dalem, pun Mantri Jero , milampah cidra, kumawantun niron bapa maling, ngadurjana puputon kembang karaton. Pun Mantri Jero teh lebet kana paripaos milegeg lebe, ngabudi santri, anamung lampahna nyata euwah-euwah margina parantos kumawantun nyidreng resmina abdi Dalem pun Ratnawulan, mustika nu ku Dampal dalem dipikameumeut, didamel jimat. Ieu piunjuk henteu pindo damel, pan sumangga saeusining padaleman diparios, tan wande sadaya abdi-abdi dalem nguninga sabalakana.

Ari perkara anu katilu mah perkara ”korupsi”. Perkarana kaboker nurutkeun katerangan ti nu tunggu ingon-ingonna :

Lamun aya nu babakti (seba) teh tara diunjukkeun sadayana ka Pangawulaan. Tuluy disariwud kitu bae ku Jurusimpen. Sumawona barang anu raringkes atawa bangsa katuangan, dalah ingon-ingon kayaning munding, embe, jeung domba tara ieuh dilaporkeun kabeh. Atuh puguh we, daftar kakayaan Jurusimpen teh manjangan terus. Mundingna aya ratusna, domba jeung embe mani sababaraha bubuhan.

Nurutkeun timbangan rengrengan, dosana Jurusimpen nu dua, beunang dikeunaan hukuman nu kasebut dina angger-angger : Hutang pati bayar pati, hutang wirang bayar wirang. Tapi ku lantaran ngahutangkeunana pati henteu kaburu kajadian, Mas Anggataruna teh ngan saukur didakwa ngahutangkeun wirang bae. Jadi, hukumanana ngan saukur dibales wirang deui, nya eta : beuheungna dikongkorongan tambang, diider-ider di sajero dayeuh, beungeutna dicerong jeung buukna digundulan sabeulah.

Ari dosana ngagasab kagungan Kangjeng Dalem mah asup kana angger-angger anu beurat pisan hukumanana, nu kieu ungelna : Sadom araning baraja, sakunang araning geni, sakepeng artaning ratu, hukume tugeling gulu. Hartina, sanajan jarum ari kasebutna pakarang, sanajan ngan sakolenyay ari ngaranna seuneu, sanajan sapeser ari duit kagungan ratu, eta kabeh sarua bahyana; lamun kumawani beuheung pigantieunana.

1 komentar: