Minggu, 14 Februari 2010

TAKWA JEUNG BASA

Teu mubah mun mindeng nyaritakeun basa, lantaran basa teh geuning aya dina ayat. Malah bareng jeung takwa, basa mawa jalma atawa bangsa kana karaharjaan, sakumaha pidawuh Gusti Allah dina surat ka-33 ayat 70-71 :
“He, jalma-jalma nu ariman, aranjeun kudu takwa ka Allah jeung cacarita kalawan make basa nu bener, tanwande Allah bakal ngabebenah pagawean-pagawean aranjeun, mupus dosa kasalahan. Singsaha wae nu tuhu ka Allah jeung Rosul-Na, saestuna manehna geus nyangking pitulung nu kacida gedena.”

Etika basa dina komunikasi lengkep aya dina Al-Quean.

(Tina Takwa jeung Basa beunang Asep Salahudin)

Minggu, 07 Februari 2010

HUKUM DI NAGARA TENGAH

Mas Anggataruna teh salah sahiji ”pejabat” di Kadaleman (Kabupaten) Nagara Tengah. Kalungguhanana (jabatanana) nya eta Jurusimpen ( mun ayeuna mah meureun Bendahara, kitu?)

Ieu ”pejabat” Kabupaten teh dedeganana gemeyek, rumbahna geus bodas, raksukanana encit madras beureum, potonganana takwa, nyalindangkeun carecet beureum digantelan : catut (paranti nyabutan bulu kelek, jsb.), korek kuping, jeung sajaba ti eta. (Moal kitu bari nyonyoren paranti ngagaro tonggong?).

”Skandal” di kalangan pamarentahan teh lain ayeuna bae. Kacaritakeun, iau Jurusimpen kalibet kana perkara kajahatan. Teu kapalang, kasalahanana teh mani tilu rupa :

Saperkara, manehna geus nyieun pitenah ka Mantri Jero sarta upama eta pitenah teu kaburu kahalangan, nu dipitenahkeunana bisa nemahan pati,

Kadua perkara, manehna geus nitah, kalawan mere upah ka dua gulang-gulang, supaya Mantri Jero disebut patina,

Katilu perkara, Mas Anggataruna teh geus wani gasab kana kagungan Pangawulaan

Perkara anu kahiji jeung kadua patali jeung pitenah ka Mantri Jero, pajarkeun Mantri Jero geus wani ngagadabah selir, nya eta garwa parekan nu pangdipikaasihna, Nyimas Ratnawulan, sabot Pangawulaan angkat ka Mataram nedunan pancen sataun sakali kudu ngadeuheus ka Mataram nyembahkeun upeti. Laporan palsu Mas Anggataruna teh kieu cenah : Dampal Dalem kantenan moal nyanten sacongo rambut, abdi Dalem, pun Mantri Jero , milampah cidra, kumawantun niron bapa maling, ngadurjana puputon kembang karaton. Pun Mantri Jero teh lebet kana paripaos milegeg lebe, ngabudi santri, anamung lampahna nyata euwah-euwah margina parantos kumawantun nyidreng resmina abdi Dalem pun Ratnawulan, mustika nu ku Dampal dalem dipikameumeut, didamel jimat. Ieu piunjuk henteu pindo damel, pan sumangga saeusining padaleman diparios, tan wande sadaya abdi-abdi dalem nguninga sabalakana.

Ari perkara anu katilu mah perkara ”korupsi”. Perkarana kaboker nurutkeun katerangan ti nu tunggu ingon-ingonna :

Lamun aya nu babakti (seba) teh tara diunjukkeun sadayana ka Pangawulaan. Tuluy disariwud kitu bae ku Jurusimpen. Sumawona barang anu raringkes atawa bangsa katuangan, dalah ingon-ingon kayaning munding, embe, jeung domba tara ieuh dilaporkeun kabeh. Atuh puguh we, daftar kakayaan Jurusimpen teh manjangan terus. Mundingna aya ratusna, domba jeung embe mani sababaraha bubuhan.

Nurutkeun timbangan rengrengan, dosana Jurusimpen nu dua, beunang dikeunaan hukuman nu kasebut dina angger-angger : Hutang pati bayar pati, hutang wirang bayar wirang. Tapi ku lantaran ngahutangkeunana pati henteu kaburu kajadian, Mas Anggataruna teh ngan saukur didakwa ngahutangkeun wirang bae. Jadi, hukumanana ngan saukur dibales wirang deui, nya eta : beuheungna dikongkorongan tambang, diider-ider di sajero dayeuh, beungeutna dicerong jeung buukna digundulan sabeulah.

Ari dosana ngagasab kagungan Kangjeng Dalem mah asup kana angger-angger anu beurat pisan hukumanana, nu kieu ungelna : Sadom araning baraja, sakunang araning geni, sakepeng artaning ratu, hukume tugeling gulu. Hartina, sanajan jarum ari kasebutna pakarang, sanajan ngan sakolenyay ari ngaranna seuneu, sanajan sapeser ari duit kagungan ratu, eta kabeh sarua bahyana; lamun kumawani beuheung pigantieunana.

MILIK TEU PAHILI-HILI, BAGJA TEU PAALA-ALA

Numutkeun wartos nu kaangin-angin ka dieu, dina jaman eta teh di Wetan ngadeg karajaan anyar, katelahna Mataram. Dupi nu jadi rajana jenenganana Kiai Ageng Pamanahan, tedak menak Majapait, awitna jumeneng Senapati di Pajang. Kiai Ageng Pamanahan teh jenenganana parantos kawangikeun ka tebihna, wireh sakti manggulang-mangguling, gagah rongkah taya nu mangga pulia, dugi ka iasa nelasan Adipati Jipang, nu parantos lami ngamusuh ka Sultan Pajang. Minangka ganjaran kana jasana, Kiai Ageng Pamanahan teh dileler nagara sabeulah, nu ayeuna katelah Mataram tea, sarta dipaparin gelaran Kiai Ageng Mataram.

Ngadegna karajaan Mataram parantos kautara kamana-mana, malah Sunan Giri oge, ratu wali anu parantos kawinarni, ngadangueun. Sunan Giri, wali nu kamashur weruh sadurung winarah, ngadawuhkeun yen Mataram engkena bakal jadi karajaan nu pangkawasana di sajagat Nusa Jawa.

Kasauran Sunan Giri teh kadangueun ku Kiai Ageng Mataram. Sakalintang anjeuna bungah manahna sarta ti harita taya deui nu didamel panyileukan ku anjeuna kajabi ti eta lahiran ratu wali teh pinanggih bukti, palay kaalaman keneh ku salirana. Kiai Ageng Pamanahan teh taya deui damelna ngan muja semedi ka Gusti Nu Mahasuci, tirakat ngisat salira, malah langka aya di karaton, angkat mileuweungan , di mana nu suni-suni anjeuna calik , dina unggal tempat anu sanget anjeuna kulem, henteu tuang henteu leueut, keyeng manteng palay tinekanan jadi raja nu pangkawasana di sapulo Jawa.

Hiji mangsa, di tengah leuweung, anjeuna papendak sareng hiji pandita, kakasihna Ki Ageng Giring, katelah oge Ki Paderesan, wireh eta pandita selang-selang tina tapakur, damelna nyadap kalapa, lahangna ku garwana sok dijieun gula, dijual ka dayeuh, dianggo ngagaleuh tuangeun. Kiai Ageng Mataran sareng Ki Paderesan teh lajeng sosobatan dalit pisan nepi ka gulet sapertos sareng saderek pet ku hinis bae. Kiai Ageng Mataram sering sumping ka bumina Ki Paderesan, ngabarempagkeun elmu nu luhung.

Kiai Ageng Mataram mileuweungeunana henteu salamina, kalan-kalan bae, kawantos nu janten raja mah kabeungkeut ku kawajiban ngolah nagara.

Hiji mangsa waktos Kiai Ageng Mataram nyingkurkeun anjeun deui di pagunungan, anjeuna sumping ka bumi Ki Paderesan, nanging nu kagungan bumi kasondong seweng, mung aya garwana bae. Tara-tara ri sasari Kiai Ageng Mataram ngaraos kalintang hanaangna, ari ret kana handapeun bale, ningali aya duwegan sahulu.

Saurna ka garwa Ki Paderesan,” Embok, kuring teh kalangkung nya hayang nginum, eta duwegan nu di kolong bale teh disuhunkeun bae, rek diinum caina!”

Garwa Ki Paderesan ngawalon, ” Beu, mugi teu janten bendu bae, raka ajengan omat-omatan pisan ka embok, eta duwegan ulah dibikeun ka saha-saha, margi rek diarot caina ku anjeuna, engke upami parantos sumping ti panyadapan.”

Lahiran Kiai Ageng Mataram,” Wah, piraku akang bendu upami ieu duwegan ku kuring diinum caina, kapan sumawona duwegan, barang nu leuwih hargana ti batan eta oge, ka kuring mah tara dikoretkeun. Sareng upami akang engke sumping sarta anjeuna palayeun ngaleueut ciduwegan, keun kuring sanggem mangalakeun tina tangkal nu caket ka dieu; ayeuna mah keukeuh soteh bawaning ku teu kiat bae, ieu tikoro tuhureun !”

Garwa Ki Paderesan eleh deet jeung ongkoh ku anjeuna oge katimbang, piraku carogena dugi ka bendu, margi parantos sakitu nyobatna. Pok garwana Ki Paderesan sasauran,” Nya mangga bae atuh!”

Kiai Ageng Mataram sakalintang bungah manahna, enggal bae duwegan teh dikupas, saparantos dikorowek, leguk caina dileueut, mani teu nyesa sakeclak-keclak acan.

Teu lami antawisna jol Ki Paderesan sumping, barang gok teh dua sobat gapruk silih rangkul bawaning ku sono, wireh parantos lami henteu pasondong. Gek caralik, silih taros hal kaayan salira. Saur Ki Ageng Mataram,” Sareng eta Kang, abdi teh bade tomada, wireh kumawantun nginum cai duwegan sisimpenan kakang tea, bawaning ku henteu kiat ku halabhab. Awitna mah embok oge henteu maparinkeun, namung kuring keukeuh menta nyanggeman upami kakang palay ngaleueut ciduwegan mah, mangga kuring rek ngala bae!”

Barang Ki Ageng Giring ngadangu kasauran sobatna kitu, pameunteuna ngadak-ngadak pias, ngahuleng sarupi nu kalintang handeueulna. Ki Ageng Mataram kaget dina panggalihna, pok anjeuna naros,” Ku Naon Kang, semu anu aya kateuraos? Sanggem kuring oge, keun bae bade digentosan, ayeuna oge bade naek, tuh geuning aya tangkal kalapa nu rada handap!”

Lila pisan Ki Ageng Giring ngahulengna, bangun nu kacida hanjeluna, lami-lami pok Ki Paderesan sasauran, soantenna paparegatan, sarupi nu kalangkung sedihna, lahiranana, ” Emh, Rai Prabu, parantos kadar awak pun kakang, aya bagja teu daulat, paingan aya babasan milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala, ayeuna bukti pisan di awak pun kakang. Nu mawi pun kakang kalintang handeueulna hate, wireh eta duwegan anu caina dileueut teh, sanes kalapa samanea nanging duwegan buah darajat, caina cai nurbuat, margi saha-saha anu ngaleueut caina dugi ka seepna, tangtos ngagelarkeun para raja anu kawasa di Tamah Jawa!”

Kiai Ageng Mataram ngaranjug bawaning ku kaget, saurna,” Na nya kitu, cobi carioskeun ti mana kenging duwegan nu sakitu ahengna?”

Walon Ki Padertesan, ” Tadi waktos pun kakang aya di panyadapan, nuju aya di luhur tangkal kalapa nu keur disadap, nguping aya sora tan katingalan, kieu pokna, ”Saha-saha anu nginum cai duwegan nunggal nepi ka beakna, eta jelema bakal ngayugakeun para raja nu kawasa di Pulo Jawa.” Ari ngareret ka luhur, dina luhureun sirah pun kakang aya duwegan nunggal; samanggar teh ngan eta-etana pisan buahna sarta eta sora oge bijilna ti dinya. Gancang eta duwegan ku pun kakang diala, dibawa balik harita, lodong mah teu kungsi dicokot, kaburu gugup nguping eta soara tea. Ku pamaksudan tadi, eta duwegan teh rek diinum engke upami pun kakang parantos wangsul deui supados rada cape, lantaran sieun teu seep sadayana. Lajeng eta duwegan teh dipasrahkeun ka pun bojo kalayan dimulamantian, ulah dibikeun ka nu sanes. Ari pun kakang mah lajeng mios deui ka panyadapan, rek ngabantun lodong nu parantos pinuh ku lahang. Ari ayeuna nyampak parantos dileueut ku Rai Prabu, nya dalah dikumaha, panginten mana kitu oge parantos kersaning Maha Kawasa, yen nu bakal nurunkeun pala putra nu bakal jadi raja teh salira rai Prabu. Mung papada kitu, mugi ulah lali, margi sasatna pun kakang nu ngalantarankeun mah. Engke upami kajadian sakumaha pituduh tea, rai Prabu mugi kersa ngajalankeun kaadilan, nya eta karajaan Mataram diparentahna pili gentos, ku putra rai Prabu sareng ku putra pun kakang!”

Kiai Ageng Mataram asalna mah teu kersaeun nyanggupan nanging Ki Paderesan keukeuh ngaririhan, dugi ka genep kali nyuhunkeunana. Tungtungna Kiai Ageng Pamanahan leah, saurna, ” Nya bubuhan urang geus sakieu rumaketna, mugi-mugi bae kapalay kakang tinekanan, anak incu kuring sing saraleh hate, nedunan ieu perjangjian.”

Rupina bae parantos kersaning Nu Maha Suci yen nu kedah ngarundaykeun turunan teh Kiai Ageng Mataram margina henteu lami ti waktos harita, Ki Paderesan teh pupus sareng henteu ngantunkeun putra, jadi buntu laku, kapalayna teu kacumponan.

Anu teras mujur mah Kiai Ageng Mataram tea bae.

Saparantos Kiai Ageng Mataram wapat, nu ngaganti anjeuna jadi raja nya eta putrana nu pangsepuhna, jenenganana Sutawijaya. Waktos Kiai Ageng Mataram jumeneng keneh, Sutawijaya teh ku Sultan Pajang didamel senapati, ngagentos ramana, Kiai Ageng Pamanahan. Barang ramana pupus, tuluy dijenengkeun raja di Mataram, dipaparin gelaran ”Panembahan” sarta ti harita katelah jenenganana : Panembahan Senapati Anggabehi Sutawijaya Mataram. Lami-lami Panembahan baha ka dunungan; margi saparantos anjeuna jadi raja, Sultan Pajang dirurugan dugi ka kaboyong. Saparantos Panembahan ngereh nagara Pajang, anjeuna ngadeg sultan. Ti kapungkur dugi ka ayeuna henteu liren-liren Sultan Mataram naluk-nalukeun raja-raja sanes, dugi ka meh sakuliah Tanah Jawa parantos ngawula ka anjeuna, kantun Priangan, Cirebon, Jaketra sareng Banten bae nu teu acan taraluk teh. Jadi upami Sultan Mataram aya manahna ngajabel tanah Priangan, parantos dugi ka ugana, margi aya ti dituna, yen turunan Kiai Ageng Pamanahan, bakal ngereh sajagat Nusa Jawa.

(Teundeun di handeuleum sieum,

Tunda di hanjuang siang

Disimpen dina hbzabidin.blogspot.com

Bukaeun anu ngaliwat

Tina ”Mantri Jero”, kenging R. Memed Sastrahadiprawira)

BASA SUNDA BASA RASA

Basa Sunda tetela beunghar ku kecap. Babakuna tina kecap kedalna rasa nepi ka hese pikecapeunana dina basa sejen. Contona ieu :

Nu karasa dina sirah

  1. peureus, karasana lamun buuk dijenggut atawa dua tilu lambar dicabut
  2. rieut, sirah karasana nyeri dina palipisan kenca-katuhu, dina lebah tarang luhureun halis atawa dina sirah lebah tukang, luhureun punduk sarta karasa kekenyudan tina tarikna jalan getih
  3. rieut jangar, karasa nyeri jeung kekenyudan teh ngan sabeulah, palipisan beulah kenca atawa beulah katuhu wungkul turug-turug sok lila karasana
  4. nyeri sirah, beda deui jeung rieut, ieu mah teu tingkarenyud, ngan karasa nyeri bae sakuriling sirah, malah mun sirah karagap teh make jeung paur sagala
  5. kandeuw, rieut upama urang kahujanan lantaran buuk kabaseuhan tuluy kakekeb ku kopeah, karasana sirah bareurat tetenjoan kurang cekas, karasa kandeuw teh deuih mun tas mandi dicumplang buuk diantep lila baseuh
  6. balideg, karasana upama rek salesma, sirah asa bareurat ngambekan hese. Upama ngadahar nu lada-lada tuluy bijil leho karasana sok asa hararampang
  7. lendeng, sirah bareurat jeung sari lieur sarta sari sebel, tina loba teuing udud upamana teh
  8. lieur, tetenjoan siga maluntir
  9. lanjung, lieur, lamun leumpang dalugdag-daligdeug, lamun nangtung karasana genjlong

Nu karasa ku panon

1. huam, tetenjoan teu cekas, asa harieum jeung asa aya anu ngahalangan kana panon

2. sareukseuk, rasa teu ngeunah dina panon kawas nu kapireupeunan

3. serab, upama nenjo cahaya nu caang teuing atawa nenjo barang nu kacaangan teuing

4. silo, tetenjoan kurang awas lantaran serab

5. lamur, tetenjoan kurang awas lantaran panyakit

6. rimang, tetenjoan nu satengah lolong

Nu karasa ku irung

  1. salesma, irung terus-terusan lehoan, sok dibarengan ku sirah bareurat, ngambekan eungap
  2. garetek irung, dina irung karasa garetek (biasana arek salesma)
  3. mepeg , hese ngambekan, liang irung kapengpekan dina keur salesma
  4. Aambeuan :

a. bau , kaambeuna teu ngeunah

b. hanyir, ambeuna lauk cai

c. pengar, aambeuan teu ngeunah tina jengkol, sepi, cikiih, jsb

d. segak, aambeuan teu ngeunah nu nyereng nepi ka matak beresin

e. hapeuk, aambeuan upamana tina papakean nu lila teu diseuseuh

f. hangseur, aambeuan tina cikiih atawa oncom nu geus lila

g. tengi, aambeuan tina minyak atawa mantega nu geus lila, kadaharan ge nu ngandung minyak mah mun geus lila kaambeuna tengi

h. hanus, ambeuna sangu tutung lantaran seengna saat caina

i. hangru, bauna getih buruk.

j. hangit, ambeuna buuk (bulu) nu kabeuleum

k. pahang, ambeuna dangdaunan nu biasa sok dipake leuhang, saperti : daun juar, dadap, daun kucubung, jawerkotok, jsb.

Nu karasa ku letah

  1. lada, rasa cabe, cengek, pedes, jsb
  2. pait, rasa kina, hamperu, paria, jsb
  3. peuheur, rasa terong nu laleutik nu belang hejo, disebutna ge terong peuheur
  4. palal, rasa jeruk gede nu ngora keneh, rasa panglay, jsb
  5. haseum, rasa cuka, asem, atawa buah nu ngora keneh, jeruk mipis, jsb
  6. amis, rasa gula, madu, buah nu geus asak
  7. asin, rasa uyah, asin pisan disebut pangset
  8. barunjan (amarile), rasa amis sari pangset, malah make aya sari peuheur, haseum, jeung lada sagala; karasana teu ngeunah
  9. gahar, rasa haseum nu meujeuhna, sarta ngeunah karasana
  10. kesed, rasa salak ngora, cau ngora, jsb
  11. kesat, rasa nu teu aya sarina, karasa ku letah seuseut
  12. pelem , rasa kalapa, mantega, suuk, pais bibit, jsb
  13. keusal , rasa sangu poe, jengkol kolot teuing.
  14. gareunyi, rasa kadaharan nu haripu tapi aya nu tinggarinjel
  15. cakial, rasa leupeut anu dalit peungkeur
  16. legit, amis pohara, tepi ka matak giung(kadaharan anu tukur)
  17. kareueut, amis pisan tapi teu matak giung. Upamana rasa bubuahan (kadaharan anu ngandung cai)
  18. hambar, rasa cai anu kapalang asak atawa kapoe

Rasa dina angen jeung dada(bayah)

1. sesek , hese ngambekan (panyakit)

2. eungap, hese ngambekan (upama lila teuleum)

3. seueul, nyeri ngabegegel dina angen

4. nyelek, rarasaan anu nyedek kana genggerong dina rek utah

murel sarebel jeung terus-terus asa rek utah

Nu karasa dina genggerong

1. peureus, rasa peureus upama batuk kosong

2. serak , tina peureus tikoro tea kajadianana ari ngomong sorana jadi rebek

3. peura , sora rebek, tarik sawareh

4. peuyeuh, sorana ngaheos teu harus lantaran jalan sora teu beresih

Nu karasa dina beuteung

1. nyalingit, nyeri tingselekit dina beuteung

2. kalikiben, beuteung karasa nyeri nyelekit asa ngadedet ka jero biasana di beulah kenca, biasana beuteung pinuh dibawa lulumpatan

3. bunghak, beuteung rada beukah lantaran loba hawa mun ditepak-tepak ngepluk; lamun geus bisa hitut jadi cageur

4. mareuhmeuh, beuteung asa eungap teu puguh tapi lain ku loba dahar

5. mules , di jero beuteung karasa nyeri tingkusial asa hayang miceun

6. ngerebek, di jero beuteung tingberekbek

7. seueul, nyeri nyelek lantaran tas ngadahar nu kesed-kesed

8. ngabagegel, kabebeng, beuteung karasa teu ngeunah lantaran 2 – 3 poe teu miceun, mun dicabak teuas

Nu karasa ku suku jeung leungeun

1. singsireumeun, suku jeung leungeun karasana beurat sarta renyem asa dikarayapan sireum

2. cecengkeleun, rasa pegel nu pohara mun barangjingjing nu beurat-beurat tur lila atawa karasa nyeri upama dina bitis, karasana dimana nguliat hudang sare atawa mun keur lumpat (lantaran urat murungkut)

3. titingkuheun, teu bisa leumpang samistina lantaran diuk lila teuing

4. baal, leungit rasa nyeri, atawa entas lila ngeueum

Nu karasa ku dampal (ramo) keungeun atawa suku

1. keusrak, karasa keusrak mun ngarampa sirah nu tas digundulan, batok, atawa cangkang salak

2. kasap , kai nu tacan disugu atawa dihampelas mun diusap

3. lesang, karasana mun ngusap nu lemes tur limit komo mun diminyakan

4. leueur, leuwih ti lesang upamana belut, jalan nu matak tisoledat atawa batu nu lukutan

5. karadak, upamana kulit bayawak, buhaya, jeung badak

6. garenjil, karung dieusi hui kumeli, muncang jsb. mun diragap

7. geunyal, upama nyabak hileud, cacing, lentah, kuuk, jsb.

Nu karasa ku kulit

1. panas, seuneu atawa sorotna panonpoe keur manceran karasa panas

2. haneut, lamun siduru, moyan, atawa disimbut ku lawon kandel karasa haneut

3. tiris, karasa ku awak hawa mun aya di pagunungan

4. tiis, mun kulit antel kana es, gebog cau, atawa ubin

5. nyeri , mun raheut atawa diteunggeul

6. peureus, mun kulit dijepret ku karet atawa ku nyere

7. peurih, raheut kacaian komo kauyahan, mun panon kakesangan atawa kapuput haseup

8. getek , mun aya nu guruyum-garayam kana kelek, cangkeng, punduk, atawa dampal suku

Nu karasa ku awak

1. hareudang, ngarasa panas sarta bari bijil kesang

2. bayeungyang, karasa panas ngelekeb teu bijil kesang (langit mendung teu tulus hujan)

3. baringsang, teu ngeunah rarasaan akibat hareudang

4. rarweged, awak karasa kaku lantaran awak kotor urut ngesang teu dimandian atawa make papakean lodro

5. paregel, biasana entas digawe beurat; bitis, pingping, awak, leungeun, jsb. karasa carangkeul.

6. carangkeul, bangsana pegel, lantaran awak lila teu obah-obah, upamana diuk lila teuing, nangtung lila teuing

7. lesu, awak laleuleus kurang tanaga, lantaran kosong beuteung, atawa loba teuing gawe najan teu beurat

8. lungse, (nahnay) pohara lesuna nepi ka meh teu aya tangan pangawasa

9. nyareri awak, akibat tina pagawean beurat leuwih ti paregel