Basa Sunda tetela beunghar ku kecap. Babakuna tina kecap kedalna rasa nepi ka hese pikecapeunana dina basa sejen. Contona ieu :
Nu karasa dina sirah
- peureus, karasana lamun buuk dijenggut atawa dua tilu lambar dicabut
- rieut, sirah karasana nyeri dina palipisan kenca-katuhu, dina lebah tarang luhureun halis atawa dina sirah lebah tukang, luhureun punduk sarta karasa kekenyudan tina tarikna jalan getih
- rieut jangar, karasa nyeri jeung kekenyudan teh ngan sabeulah, palipisan beulah kenca atawa beulah katuhu wungkul turug-turug sok lila karasana
- nyeri sirah, beda deui jeung rieut, ieu mah teu tingkarenyud, ngan karasa nyeri bae sakuriling sirah, malah mun sirah karagap teh make jeung paur sagala
- kandeuw, rieut upama urang kahujanan lantaran buuk kabaseuhan tuluy kakekeb ku kopeah, karasana sirah bareurat tetenjoan kurang cekas, karasa kandeuw teh deuih mun tas mandi dicumplang buuk diantep lila baseuh
- balideg, karasana upama rek salesma, sirah asa bareurat ngambekan hese. Upama ngadahar nu lada-lada tuluy bijil leho karasana sok asa hararampang
- lendeng, sirah bareurat jeung sari lieur sarta sari sebel, tina loba teuing udud upamana teh
- lieur, tetenjoan siga maluntir
- lanjung, lieur, lamun leumpang dalugdag-daligdeug, lamun nangtung karasana genjlong
Nu karasa ku panon
1. huam, tetenjoan teu cekas, asa harieum jeung asa aya anu ngahalangan kana panon
2. sareukseuk, rasa teu ngeunah dina panon kawas nu kapireupeunan
3. serab, upama nenjo cahaya nu caang teuing atawa nenjo barang nu kacaangan teuing
4. silo, tetenjoan kurang awas lantaran serab
5. lamur, tetenjoan kurang awas lantaran panyakit
6. rimang, tetenjoan nu satengah lolong
Nu karasa ku irung
- salesma, irung terus-terusan lehoan, sok dibarengan ku sirah bareurat, ngambekan eungap
- garetek irung, dina irung karasa garetek (biasana arek salesma)
- mepeg , hese ngambekan, liang irung kapengpekan dina keur salesma
- Aambeuan :
a. bau , kaambeuna teu ngeunah
b. hanyir, ambeuna lauk cai
c. pengar, aambeuan teu ngeunah tina jengkol, sepi, cikiih, jsb
d. segak, aambeuan teu ngeunah nu nyereng nepi ka matak beresin
e. hapeuk, aambeuan upamana tina papakean nu lila teu diseuseuh
f. hangseur, aambeuan tina cikiih atawa oncom nu geus lila
g. tengi, aambeuan tina minyak atawa mantega nu geus lila, kadaharan ge nu ngandung minyak mah mun geus lila kaambeuna tengi
h. hanus, ambeuna sangu tutung lantaran seengna saat caina
i. hangru, bauna getih buruk.
j. hangit, ambeuna buuk (bulu) nu kabeuleum
k. pahang, ambeuna dangdaunan nu biasa sok dipake leuhang, saperti : daun juar, dadap, daun kucubung, jawerkotok, jsb.
Nu karasa ku letah
- lada, rasa cabe, cengek, pedes, jsb
- pait, rasa kina, hamperu, paria, jsb
- peuheur, rasa terong nu laleutik nu belang hejo, disebutna ge terong peuheur
- palal, rasa jeruk gede nu ngora keneh, rasa panglay, jsb
- haseum, rasa cuka, asem, atawa buah nu ngora keneh, jeruk mipis, jsb
- amis, rasa gula, madu, buah nu geus asak
- asin, rasa uyah, asin pisan disebut pangset
- barunjan (amarile), rasa amis sari pangset, malah make aya sari peuheur, haseum, jeung lada sagala; karasana teu ngeunah
- gahar, rasa haseum nu meujeuhna, sarta ngeunah karasana
- kesed, rasa salak ngora, cau ngora, jsb
- kesat, rasa nu teu aya sarina, karasa ku letah seuseut
- pelem , rasa kalapa, mantega, suuk, pais bibit, jsb
- keusal , rasa sangu poe, jengkol kolot teuing.
- gareunyi, rasa kadaharan nu haripu tapi aya nu tinggarinjel
- cakial, rasa leupeut anu dalit peungkeur
- legit, amis pohara, tepi ka matak giung(kadaharan anu tukur)
- kareueut, amis pisan tapi teu matak giung. Upamana rasa bubuahan (kadaharan anu ngandung cai)
- hambar, rasa cai anu kapalang asak atawa kapoe
Rasa dina angen jeung dada(bayah)
1. sesek , hese ngambekan (panyakit)
2. eungap, hese ngambekan (upama lila teuleum)
3. seueul, nyeri ngabegegel dina angen
4. nyelek, rarasaan anu nyedek kana genggerong dina rek utah
murel sarebel jeung terus-terus asa rek utah
Nu karasa dina genggerong
1. peureus, rasa peureus upama batuk kosong
2. serak , tina peureus tikoro tea kajadianana ari ngomong sorana jadi rebek
3. peura , sora rebek, tarik sawareh
4. peuyeuh, sorana ngaheos teu harus lantaran jalan sora teu beresih
Nu karasa dina beuteung
1. nyalingit, nyeri tingselekit dina beuteung
2. kalikiben, beuteung karasa nyeri nyelekit asa ngadedet ka jero biasana di beulah kenca, biasana beuteung pinuh dibawa lulumpatan
3. bunghak, beuteung rada beukah lantaran loba hawa mun ditepak-tepak ngepluk; lamun geus bisa hitut jadi cageur
4. mareuhmeuh, beuteung asa eungap teu puguh tapi lain ku loba dahar
5. mules , di jero beuteung karasa nyeri tingkusial asa hayang miceun
6. ngerebek, di jero beuteung tingberekbek
7. seueul, nyeri nyelek lantaran tas ngadahar nu kesed-kesed
8. ngabagegel, kabebeng, beuteung karasa teu ngeunah lantaran 2 – 3 poe teu miceun, mun dicabak teuas
Nu karasa ku suku jeung leungeun
1. singsireumeun, suku jeung leungeun karasana beurat sarta renyem asa dikarayapan sireum
2. cecengkeleun, rasa pegel nu pohara mun barangjingjing nu beurat-beurat tur lila atawa karasa nyeri upama dina bitis, karasana dimana nguliat hudang sare atawa mun keur lumpat (lantaran urat murungkut)
3. titingkuheun, teu bisa leumpang samistina lantaran diuk lila teuing
4. baal, leungit rasa nyeri, atawa entas lila ngeueum
Nu karasa ku dampal (ramo) keungeun atawa suku
1. keusrak, karasa keusrak mun ngarampa sirah nu tas digundulan, batok, atawa cangkang salak
2. kasap , kai nu tacan disugu atawa dihampelas mun diusap
3. lesang, karasana mun ngusap nu lemes tur limit komo mun diminyakan
4. leueur, leuwih ti lesang upamana belut, jalan nu matak tisoledat atawa batu nu lukutan
5. karadak, upamana kulit bayawak, buhaya, jeung badak
6. garenjil, karung dieusi hui kumeli, muncang jsb. mun diragap
7. geunyal, upama nyabak hileud, cacing, lentah, kuuk, jsb.
Nu karasa ku kulit
1. panas, seuneu atawa sorotna panonpoe keur manceran karasa panas
2. haneut, lamun siduru, moyan, atawa disimbut ku lawon kandel karasa haneut
3. tiris, karasa ku awak hawa mun aya di pagunungan
4. tiis, mun kulit antel kana es, gebog cau, atawa ubin
5. nyeri , mun raheut atawa diteunggeul
6. peureus, mun kulit dijepret ku karet atawa ku nyere
7. peurih, raheut kacaian komo kauyahan, mun panon kakesangan atawa kapuput haseup
8. getek , mun aya nu guruyum-garayam kana kelek, cangkeng, punduk, atawa dampal suku
Nu karasa ku awak
1. hareudang, ngarasa panas sarta bari bijil kesang
2. bayeungyang, karasa panas ngelekeb teu bijil kesang (langit mendung teu tulus hujan)
3. baringsang, teu ngeunah rarasaan akibat hareudang
4. rarweged, awak karasa kaku lantaran awak kotor urut ngesang teu dimandian atawa make papakean lodro
5. paregel, biasana entas digawe beurat; bitis, pingping, awak, leungeun, jsb. karasa carangkeul.
6. carangkeul, bangsana pegel, lantaran awak lila teu obah-obah, upamana diuk lila teuing, nangtung lila teuing
7. lesu, awak laleuleus kurang tanaga, lantaran kosong beuteung, atawa loba teuing gawe najan teu beurat
8. lungse, (nahnay) pohara lesuna nepi ka meh teu aya tangan pangawasa
9. nyareri awak, akibat tina pagawean beurat leuwih ti paregel

Ku abdi dicutat deui nya Bah....
BalasHapusnuhun nya kang, punten bade ngopas
BalasHapus