Minggu, 07 Februari 2010

MILIK TEU PAHILI-HILI, BAGJA TEU PAALA-ALA

Numutkeun wartos nu kaangin-angin ka dieu, dina jaman eta teh di Wetan ngadeg karajaan anyar, katelahna Mataram. Dupi nu jadi rajana jenenganana Kiai Ageng Pamanahan, tedak menak Majapait, awitna jumeneng Senapati di Pajang. Kiai Ageng Pamanahan teh jenenganana parantos kawangikeun ka tebihna, wireh sakti manggulang-mangguling, gagah rongkah taya nu mangga pulia, dugi ka iasa nelasan Adipati Jipang, nu parantos lami ngamusuh ka Sultan Pajang. Minangka ganjaran kana jasana, Kiai Ageng Pamanahan teh dileler nagara sabeulah, nu ayeuna katelah Mataram tea, sarta dipaparin gelaran Kiai Ageng Mataram.

Ngadegna karajaan Mataram parantos kautara kamana-mana, malah Sunan Giri oge, ratu wali anu parantos kawinarni, ngadangueun. Sunan Giri, wali nu kamashur weruh sadurung winarah, ngadawuhkeun yen Mataram engkena bakal jadi karajaan nu pangkawasana di sajagat Nusa Jawa.

Kasauran Sunan Giri teh kadangueun ku Kiai Ageng Mataram. Sakalintang anjeuna bungah manahna sarta ti harita taya deui nu didamel panyileukan ku anjeuna kajabi ti eta lahiran ratu wali teh pinanggih bukti, palay kaalaman keneh ku salirana. Kiai Ageng Pamanahan teh taya deui damelna ngan muja semedi ka Gusti Nu Mahasuci, tirakat ngisat salira, malah langka aya di karaton, angkat mileuweungan , di mana nu suni-suni anjeuna calik , dina unggal tempat anu sanget anjeuna kulem, henteu tuang henteu leueut, keyeng manteng palay tinekanan jadi raja nu pangkawasana di sapulo Jawa.

Hiji mangsa, di tengah leuweung, anjeuna papendak sareng hiji pandita, kakasihna Ki Ageng Giring, katelah oge Ki Paderesan, wireh eta pandita selang-selang tina tapakur, damelna nyadap kalapa, lahangna ku garwana sok dijieun gula, dijual ka dayeuh, dianggo ngagaleuh tuangeun. Kiai Ageng Mataran sareng Ki Paderesan teh lajeng sosobatan dalit pisan nepi ka gulet sapertos sareng saderek pet ku hinis bae. Kiai Ageng Mataram sering sumping ka bumina Ki Paderesan, ngabarempagkeun elmu nu luhung.

Kiai Ageng Mataram mileuweungeunana henteu salamina, kalan-kalan bae, kawantos nu janten raja mah kabeungkeut ku kawajiban ngolah nagara.

Hiji mangsa waktos Kiai Ageng Mataram nyingkurkeun anjeun deui di pagunungan, anjeuna sumping ka bumi Ki Paderesan, nanging nu kagungan bumi kasondong seweng, mung aya garwana bae. Tara-tara ri sasari Kiai Ageng Mataram ngaraos kalintang hanaangna, ari ret kana handapeun bale, ningali aya duwegan sahulu.

Saurna ka garwa Ki Paderesan,” Embok, kuring teh kalangkung nya hayang nginum, eta duwegan nu di kolong bale teh disuhunkeun bae, rek diinum caina!”

Garwa Ki Paderesan ngawalon, ” Beu, mugi teu janten bendu bae, raka ajengan omat-omatan pisan ka embok, eta duwegan ulah dibikeun ka saha-saha, margi rek diarot caina ku anjeuna, engke upami parantos sumping ti panyadapan.”

Lahiran Kiai Ageng Mataram,” Wah, piraku akang bendu upami ieu duwegan ku kuring diinum caina, kapan sumawona duwegan, barang nu leuwih hargana ti batan eta oge, ka kuring mah tara dikoretkeun. Sareng upami akang engke sumping sarta anjeuna palayeun ngaleueut ciduwegan, keun kuring sanggem mangalakeun tina tangkal nu caket ka dieu; ayeuna mah keukeuh soteh bawaning ku teu kiat bae, ieu tikoro tuhureun !”

Garwa Ki Paderesan eleh deet jeung ongkoh ku anjeuna oge katimbang, piraku carogena dugi ka bendu, margi parantos sakitu nyobatna. Pok garwana Ki Paderesan sasauran,” Nya mangga bae atuh!”

Kiai Ageng Mataram sakalintang bungah manahna, enggal bae duwegan teh dikupas, saparantos dikorowek, leguk caina dileueut, mani teu nyesa sakeclak-keclak acan.

Teu lami antawisna jol Ki Paderesan sumping, barang gok teh dua sobat gapruk silih rangkul bawaning ku sono, wireh parantos lami henteu pasondong. Gek caralik, silih taros hal kaayan salira. Saur Ki Ageng Mataram,” Sareng eta Kang, abdi teh bade tomada, wireh kumawantun nginum cai duwegan sisimpenan kakang tea, bawaning ku henteu kiat ku halabhab. Awitna mah embok oge henteu maparinkeun, namung kuring keukeuh menta nyanggeman upami kakang palay ngaleueut ciduwegan mah, mangga kuring rek ngala bae!”

Barang Ki Ageng Giring ngadangu kasauran sobatna kitu, pameunteuna ngadak-ngadak pias, ngahuleng sarupi nu kalintang handeueulna. Ki Ageng Mataram kaget dina panggalihna, pok anjeuna naros,” Ku Naon Kang, semu anu aya kateuraos? Sanggem kuring oge, keun bae bade digentosan, ayeuna oge bade naek, tuh geuning aya tangkal kalapa nu rada handap!”

Lila pisan Ki Ageng Giring ngahulengna, bangun nu kacida hanjeluna, lami-lami pok Ki Paderesan sasauran, soantenna paparegatan, sarupi nu kalangkung sedihna, lahiranana, ” Emh, Rai Prabu, parantos kadar awak pun kakang, aya bagja teu daulat, paingan aya babasan milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala, ayeuna bukti pisan di awak pun kakang. Nu mawi pun kakang kalintang handeueulna hate, wireh eta duwegan anu caina dileueut teh, sanes kalapa samanea nanging duwegan buah darajat, caina cai nurbuat, margi saha-saha anu ngaleueut caina dugi ka seepna, tangtos ngagelarkeun para raja anu kawasa di Tamah Jawa!”

Kiai Ageng Mataram ngaranjug bawaning ku kaget, saurna,” Na nya kitu, cobi carioskeun ti mana kenging duwegan nu sakitu ahengna?”

Walon Ki Padertesan, ” Tadi waktos pun kakang aya di panyadapan, nuju aya di luhur tangkal kalapa nu keur disadap, nguping aya sora tan katingalan, kieu pokna, ”Saha-saha anu nginum cai duwegan nunggal nepi ka beakna, eta jelema bakal ngayugakeun para raja nu kawasa di Pulo Jawa.” Ari ngareret ka luhur, dina luhureun sirah pun kakang aya duwegan nunggal; samanggar teh ngan eta-etana pisan buahna sarta eta sora oge bijilna ti dinya. Gancang eta duwegan ku pun kakang diala, dibawa balik harita, lodong mah teu kungsi dicokot, kaburu gugup nguping eta soara tea. Ku pamaksudan tadi, eta duwegan teh rek diinum engke upami pun kakang parantos wangsul deui supados rada cape, lantaran sieun teu seep sadayana. Lajeng eta duwegan teh dipasrahkeun ka pun bojo kalayan dimulamantian, ulah dibikeun ka nu sanes. Ari pun kakang mah lajeng mios deui ka panyadapan, rek ngabantun lodong nu parantos pinuh ku lahang. Ari ayeuna nyampak parantos dileueut ku Rai Prabu, nya dalah dikumaha, panginten mana kitu oge parantos kersaning Maha Kawasa, yen nu bakal nurunkeun pala putra nu bakal jadi raja teh salira rai Prabu. Mung papada kitu, mugi ulah lali, margi sasatna pun kakang nu ngalantarankeun mah. Engke upami kajadian sakumaha pituduh tea, rai Prabu mugi kersa ngajalankeun kaadilan, nya eta karajaan Mataram diparentahna pili gentos, ku putra rai Prabu sareng ku putra pun kakang!”

Kiai Ageng Mataram asalna mah teu kersaeun nyanggupan nanging Ki Paderesan keukeuh ngaririhan, dugi ka genep kali nyuhunkeunana. Tungtungna Kiai Ageng Pamanahan leah, saurna, ” Nya bubuhan urang geus sakieu rumaketna, mugi-mugi bae kapalay kakang tinekanan, anak incu kuring sing saraleh hate, nedunan ieu perjangjian.”

Rupina bae parantos kersaning Nu Maha Suci yen nu kedah ngarundaykeun turunan teh Kiai Ageng Mataram margina henteu lami ti waktos harita, Ki Paderesan teh pupus sareng henteu ngantunkeun putra, jadi buntu laku, kapalayna teu kacumponan.

Anu teras mujur mah Kiai Ageng Mataram tea bae.

Saparantos Kiai Ageng Mataram wapat, nu ngaganti anjeuna jadi raja nya eta putrana nu pangsepuhna, jenenganana Sutawijaya. Waktos Kiai Ageng Mataram jumeneng keneh, Sutawijaya teh ku Sultan Pajang didamel senapati, ngagentos ramana, Kiai Ageng Pamanahan. Barang ramana pupus, tuluy dijenengkeun raja di Mataram, dipaparin gelaran ”Panembahan” sarta ti harita katelah jenenganana : Panembahan Senapati Anggabehi Sutawijaya Mataram. Lami-lami Panembahan baha ka dunungan; margi saparantos anjeuna jadi raja, Sultan Pajang dirurugan dugi ka kaboyong. Saparantos Panembahan ngereh nagara Pajang, anjeuna ngadeg sultan. Ti kapungkur dugi ka ayeuna henteu liren-liren Sultan Mataram naluk-nalukeun raja-raja sanes, dugi ka meh sakuliah Tanah Jawa parantos ngawula ka anjeuna, kantun Priangan, Cirebon, Jaketra sareng Banten bae nu teu acan taraluk teh. Jadi upami Sultan Mataram aya manahna ngajabel tanah Priangan, parantos dugi ka ugana, margi aya ti dituna, yen turunan Kiai Ageng Pamanahan, bakal ngereh sajagat Nusa Jawa.

(Teundeun di handeuleum sieum,

Tunda di hanjuang siang

Disimpen dina hbzabidin.blogspot.com

Bukaeun anu ngaliwat

Tina ”Mantri Jero”, kenging R. Memed Sastrahadiprawira)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar